
Sakadang Kuya kacida hanjelueunana, lantaran sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Taya peta bisa kapimilik deui. Tuluy leumpang ngadédod, karepna rék balik ka pamatuhanana di sisi walungan.Barang anjog ka sisi walungan, gok panggih jeung Sakadang Keuyeup.“Ku naon Sakadang Kuya, bet jiga anu sedih kitu?” Sakadang Keuyeup nanya.“Nyaéta, uing téh...